LIRIK Sya'iran Santri Salafy Pepeling santri || YUNUSOFFICIAL

 Sya'iran Santri Salafy Pepeling santri





Bismillah janten ngawitan - Ngadamel iyeu syairan

Seja ngalap kaberkahan - Sareng ka manpa'atan


Ilmun urang ngaji - Sing taliti jeung gumati

Tanyakeun nu teu ka harti - Ka jalmi nu langkung ngarti


Eling-eling santri-santri - Khususna santri lalaki

Masing bisa nahan diri - Kade ka goda ku istri


Oge jeung ka santri istri - Masing suhub dina ngaji

Kudu nahan harga diri - Kade karayu lalaki


Umumna ka sadayana  - Anu kertolabul ilmina

Pameget sareng istrina - Masing khusu ngarajina


Keur ngaji loba gogoda - Lain beja jeung carita

Tapi etateh fakta - Komo ku masalah cinta


Dina ngaji kudu leukeun  - Kudu daek ngarapalkeun

Nu hese buru tanyakeun - Ulah osok di engkekeun


Mun ngaji teh kudu yakin  - Kudu sabar jeung prihatin

Sareng ulah loba ulin - Jeung ngajina sing tarikin


Lamun ngaji bari khusyu  - Pastina teh bakal timu

Kana sadayana elmu - Nu di pasihkeun ku guru



 


Lebih baru Lebih lama