Ku bismillah di kawitan
Ngadamel iyeu syairan
Ku abdi yang membutuhkan
Kana rohmatan pangeran
Iyeu syairan sim abdi
Anu timbul dina ati
Anu keur ngareugeup diri
Di tinggal pupus ku umi
Pamugi sadaya ngarti
Kana syairan sim abdi
Anu dina sanu bari
Kiyeu di tinggal ku umi
Barang dina hiji waktu
Kaleureusan dina dinten sabtu
Aya kabar ti aesu
tentang kondisi pun ibu
Sim abdi asa teu nyangka
Tapi da iyeu nyata
Pun umi pupus ayeuna
Sim abdi meni nalangsa
Sim abdi hante kawasa
Nahan iyeu sedihna
Tapi na kedah narima
Kodo kodar ti gusti
Jenazah di tengah bumi
Sadaya pada ningali
Maksudana ta'ziah ka umi
Meni seueur silih berganti
Umi tos di pulasara
Tinggal di tutup mukana
Sim abdi hanteu kawasa
Ningalikeun pamenteu na
Sing koceak sing jareurit
Careurik maratan langit
Sawarga santriyat careurik
Santri jama'ah careurik
Sadaya pada ngiringkeun
Kamasjid rek di sholatkeun
Langsung teras di pendemkeun
Di makom di sadiakeun
Teu ka pikir ti dituna
Teu di sangka teu di nyana
Pun umi pupus ayeuna
Sedihna ka bina
Pamenteu umi ka bayang
Di pangkuan di lamunan
Siang na janten lamunan
Wengi janten impinan
Soca ngalirkeun ci soca
Sim abdi kawas anu buta
Di tinggal nu mika cinta
Nalangsa luar bisa
Dahar abdi teu mirasa
Sare abdi teu bisa tibra
Raga abdi asa lara
Ngemutan nu mika cinta
Abdi ikhlas jeung narima
Kana sadaya dayana
Karna abdi teh manusia
Saukur bisa nga do'a
Hatur nuhun santri-santri
Jeung para alumni
Parantos ngaoskeun umi
Dugika pat puluh hari
Sim abdi meni ka tampi
Teu bisa mulangkeun diri
Ka sae an santri-santri
Ka saena alumni
Dugika diyeu iyeu sayiran
Muga gusti ngagantian
kasedihan ka nalangsaan
Di gentos ku kabingahan
Tur pamugi gusti nampi
Amal ibadahna umi
Tur sareng pamugi gusti
Ngahampura dosa umi
Amin amin amin
Yarobbal alamin