LIRIK Sya'ir "Rindu Santri Salafy"
Lirik sya'ir santri salafy "Rindu Santri Salafy" basa sunda
Aduhh ema aduh bapak Batin abdi keur nalangsa
Sering emut ka anjena Kasepna ka bina-bina
Iraha abdi patepang Jeng nu dipikasayang
Anu sok ka bayang-bayang Tiap wengi tiap siang
Rindu meni teu katahan Hoyong penak jeung pujaan
Cipanon sing kareclakan Duh gusti abdi tulungan
Kumha kabar anjeuna Ayeuna aya di mana
Hayang nelpon hante bisa Hpna oge teu aya
Hiji mangsa aya kiriman Kiriman ti babaturan
Arek ngilu SMS an Si horeng mah teu aya pulsa'an
Habibi aduh habibi Iraha arek ngalongok abdi
Naha tos teu emut deui Ka abdi anu menanti
Habibi goba'an aini Lakin laya fi qolbi
Engkow jauh di mataku Tapi dekat di hatiku
Duh angin nu ngahiliwir Sampaikeun salam sim abdi
Ka anjeuna nu keur ngaji Nu jadi pujaan hati
Sakiyeu nazdoman tamat Mudah-mudahan aya manfaat
Ka santri nu rindu berat Ka kasihna teu kuat
Tidak ada komentar untuk "LIRIK Sya'ir "Rindu Santri Salafy""