Lirik Syairan Santri Salafy Rindu Anu Menggebu

 Lirik Syairan Santri Salafy Rindu Anu Menggebu 



Dina ieu wengi sabtu 

Abdi nulis syair lagu 

Ngaluahkeun rasa rindu 

Hiji ikhsan anu di tunggu 


Anjeun sosok nu di nanti 

Tiap siang tiap wengi 

Manah meni hante tenang 

Ngarep anjen segera datang 


Pami datang watu peting

Fikiran teu genah cicing 

Ngahayal anjeun sumping 

Calik senderan di samping 


Pami datang waktu siang 

Manah meni ku hariwang 

Teu sabar hyng memandang 

wajah nu di pikasayang 


Disaat hujan girimis 

Kabeh jasad meni tiris

Ngahayal anjeun memeluk 

Bari ngucap ana uhibuk


Disaat umur menua 

Makin teu sabar kacida 

Nu dirindu nu di damba 

Mimpi hayang segera tiba 


Anjeun nu masih misteri 

Hadiah ti sang ilahi 

Anu bakal ngisi hati 

Mawa cinta nu hakiki


Tidieu abdi ngantosan 

Waktu di pertemukan 

Saling siap tuk menatap 


Anjeun sing sabar tong sedih 

Najan urang can papanggih 

Tong pajauh na sajadah 

Ngemis pitulung ka ilahi 


Ameh do'a nu di ucap 

Bisa segera di jawab 

Dua hati anu berharap 

Dibabarikeun mengijab 


Anjeun nu di nanati-nanti 

Terus perbaiki diri 

Mustaq ilaiik ya habibati 

Laisa fiqolbi illa anti

Tidak ada komentar untuk "Lirik Syairan Santri Salafy Rindu Anu Menggebu "