Lirik Sya'iran Santri Salafy Rindu Sang Kekasih

 Lirik Sya'iran Santri Salafy Rindu Sang Kekasih 



Bismilah syair di serat 

Ngisahkeun rindu nu hebat 

Rindu ka ikhsan pilihan 

Hadiah ti sang pangeran 


Mun waktu bisa di percepat 

Mun jarak bisa di perdekat 

Mun masa bisa di lipat 

Rindu moal terlalu kuat 


Namina anjeun teh saha 

Dimana anjeun linggihna 

Meni pisan panasarana 

Banget hoyong pendakna 


Ibu rama sok ngodeuan 

Hadirna tos di antosan 

Orok batur di papangku 

Tos hoyong gaduh cucu


Tapi gening da kumaha 

Upami acan waktuna 

Ngan saukur bisa sobar 

Ngantosan datangna qodar 


Tapi jodoh tos di jamin 

Abdi cuman kudu yakin 

Wa kholaq nakum azwaja 

Ayat dalapan an naba


Gusti allah tos nyiptakeun 

Tiap makhluk tos di siapkeun 

Jodohna di sadiakeun 

Ngan masih di rahasiakeun 


Duh gusti hampura abdi 

Masalah jodoh sok risi

Kadang hate resep sirik 

Ka gusti berpikir licik 


Nempo batur sa ulinan

Babari ngirim ondangan 

Abdi nu di hayang-hayang 

Ngan bisa nga bayang-bayang


Abdi tur bisa berharap 

Upami waktuna dongkap 

Pendakeun pas abdi siap 

Dua hati tos pada mantap 


Siap keur ngabangun sunnah 

Mantep ngabantu ibadah 

Sebab hakekatna nikah hiji 

Hiji amanah ti illah 


Sakiyeu syair di rangkum 

Di tutup ku bibir senyum 

Muga muga di buburukeun 

Sinareng di babarikeun 



Tidak ada komentar untuk "Lirik Sya'iran Santri Salafy Rindu Sang Kekasih "