LIRIK SYAIRAN - Nalangsa Can Bisa Ngaji
Nalangsa Can Bisa Ngaji
Ku bismillah di kawitan = Abdi ngarangkai syairan
Syair tentang kahirupan = Abdi nu di pamondokan
Lamun hayang bisa ngaji = Entong loba nonton tv
Komo noong bujur meri = Bisi di tampiling banci
Duh gusti kudu kumaha = Abdi ngaos engges lila
Tapi angger hente bisa = Era ku calon mitoha
Unggal poe unggal waktu = Hente bosen ngala elmu
Sabab abdimah rumasa = Lain turunan ulama
Unggal bulan dikiriman = Beas duit kadaharan
Sakapeung mah osok era = Can bisa mulang tarima
Unggal subuh kabeurangan = Ngaji ge kadang nunutan
Sabab peuting kurang sare = Mikiran hanca nu hese
Kadang sare henteu tibra = Kusabab loba tumila
Nyongcongan kana salira = Ripuhna meni kacida
Lamun datang waktu ngaji = Tara geuwat ka cai
Meakeun hela ci kopi = Kopi sesa nu kamari
Mun di taros ku pun guru = Ditaros bab sorof nahwu
Puguh ge tara ngapalkeun = Abdi tungkul bari mengpeun
Beuteng geus kukuruwukan = Hayang geura di eusian
Ku pasak jeung lauk teuri = Sambel na sambel tarasi
Pas ngadenge wallahu'alam = Tina lambey mama ajengan
Duh gusti alhamdulillah = Beres ngaji meni bungah
Lamun ngomongkeun cinta = Santri teu bisa kumaha
Manehna ngandelkeun do'a = Eleh kunu boga ninja
Abdi ngadamel syairan = Nuju teu puguh emutan
Dikantun nikah ku mantan = Nu teu gableg rarasaan
Tidak ada komentar untuk "LIRIK SYAIRAN - Nalangsa Can Bisa Ngaji"